curhatku...

kuring teh aya dimana sabenerna...
kuring teh saha..
piraku saya teh amnesia
didieu ragana mah.. ngan  teu dianggap kaayaanana
asa jadi jelema pang belegugna
iyeu salah itu salah
aya ku ayana ngan ngarana hungkul..
kuring cape nyinghareupan kieu teh
Duh Gusti.... kudu kumaha sim kuring... sabara lila kuring kudu kieu...Paparingan kakuatan simkuring nyingharepna
Gusti Nu Maha Welas... Maha Asih...
Tantayungan sim kuring kakuatan
Bukakeun panto rejeki sagede gedena
Bukakeun panto jalan anu bisa mawa simkuring mulang
Mulang ka tempat anu baheula bisa ngabageakeun, tempat anu sok dipikasono, dulur nu nyaah, nu bisa saling tulungan tina kasusahan, anu bisa dijadikeun panutan jeung panyarandean...

Sim kuring jalmi teu walakaya.
Barontak lain sikap sim kuring, tapi sim kuring ge teu bisa nyicingkeun
Tulungan simkuring Gusti....
Tulungan simkuring....

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • RSS
Read Comments

0 komentar: